Kolom Sosial Politik

Rawon Sop Daging: Kadaharan Panghadena di Dunya 2025

0

Rawon Sop Daging: Kadaharan Panghadena di Dunya 2025

Ku: Ridhazia

TasteAtlas geus ngaluarkeun daptar 10 kadaharan pangalusna atawa panghadena di dunya pikeun taun 2025. Salah sahijina nyaéta rawon, sop  daging kuah hideung has Jawa Wétan.

Dina pedaranana, TasteAtlas ngajelaskeun yén rawon téh kaasup kuliner anu paling unik di dunya sabab miboga rasa anu has jeung kompleks.

Kluwek

Daging sapi diasak maké bumbu tradisional saperti serai, daun jeruk, jahe, jeung cabé, nu nyieun aroma anu harumé nyugemakeun.

Tapi, hal nu paling mencolok tina rawon téh nyaéta bahan utamana, nyaéta kluwek, hiji buah hideung nu nyieun warna kuahna poék jeung rasa has rawon.

Rangking Ka Dalapan

Di handap ieu daptar kadaharan pangalusna di dunya taun 2025 nurutkeun versi TasteAtlas (2025): 1. Lechona – Kolombia, 2. Pizza Napoli – Italia, 3. Picanha – Brazil, 4. Rechta – Aljazair, 5. Phanaeng Curry – Thailand, 6. Asado – Argentina, 7. Cokertme Kebab – Turki, 8. Rawon – Indonesia, 9. Cag Kebab – Turki, 10. Tibs – Étiopia. *

   * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *