Kolom Sosial Politik

Pokona Mah Aya!

0

 

Ku: Ridhazia

FRASA  “pokona aya” jadi viral sanggeus diucapkeun ku Sekretaris Kabinet, Teddy Indra Wijaya, patalina jeung program pasar murah di kawasan Monas, Jakarta.

Jawaban pondok kalayan gaya komunikasi nu lugas ti mantan ajudan Présidén Jokowi jeung Présidén Prabowo éta, tibatan mere katerangan nu écés, malah nyésakeun tanda tanya di kalangan publik.

Ambigu

Dina perspektif élmu komunikasi, frasa pondok “pokona aya” bisa dikategorikeun minangka pernyataan ambigu, nyaéta ucapan nu ngandung tingkat karagu-raguan jeung kateupastian anu luhur.

Bisa jadi éta ucapan kaluar dina kaayaan keur aya dina tekanan, alatan situasi nu teu écés. Bisa ogé lantaran data jeung informasi nu teu lengkep, nepi ka nyababkeun kagagapan dina komunikasi jeung média.

Ngajaga Status Quo

Frasa pondok “pokona aya”, numutkeun psikiater Robert Jay Lifton (1927–2025), bisa dimaknai minangka bentuk pernyataan pikeun ngeureunkeun pamikiran kritis sarta nutup rohangan dialog. Malah, dina sababaraha kontéks, bisa jadi dimaksudkeun pikeun ngajaga status quo.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.