Ku: Ridhazia
TERMINAL Cicaheum di Kota Bandung, Jawa Barat, kiwari ukur tinggal waasna. Moal lila deui éta terminal bakal dialihfungsikeun jadi depo transit jeung halte utama Bus Rapid Transit (BRT) Bandung Raya.
Sakabéh layanan beus Antar Kota Antar Provinsi (AKAP) jeung Antar Kota Dina Provinsi (AKDP) ti jeung ka Cicaheum bakal dipindahkeun ka Terminal Leuwipanjang, Kota Bandung.
Kalayan dipindahkeunana Terminal Cicaheum, jalur ka arah wétan luar Kota Bandung sapanjang belasan kilométer dipiharep bébas tina kamacetan beus badag AKDP ti Sumedang, Garut, Tasikmalaya, Cirebon, ogé AKAP ti Jawa Tengah jeung Jawa Timur.
Asal-Usul
Terminal Cicaheum diresmikeun tanggal 23 Agustus 1975 ku Wali Kota Bandung ka-13, Otje Djundjunan, minangka gerbang utama transportasi ka arah wétan.
Terminal Tipe A anu legana 1,1 héktare di wewengkon Kiaracondong éta, ti mimiti taun 1990-an nepi ka kiwari jadi salah sahiji sumber kamacetan di Bandung Wétan nepi ka tapel wates Cileunyi. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments