Ku: Tatang Sumarsono
Ujang, Nyai, geus bisa naon waé salila sakola
salian ti ngéjah aksara atawa ngitung angka?
Naha kabaca deuih rupa-rupa carita gumbira
atawa lalakon tunggara rayat anu dikakaya?
Geus nyaho naon salila hidep dialajar ti guru
nu geus baroga sértifikat jeung lulus ti pasca?
Naha deuih hidep weruh kana élmuning hirup
sangkan hurip di ieu sarakan nu geus direcah?
Geus apal naon nu kapanggih tina buku pakét
katut sakur kaweruh nu diunduh tina internét?
Naha deuih katimu cara miara hirup sauyunan
jauh tina barébédan jeung papada silih ajénan?
Ieu patalékan basajan minangka tanda kanyaah
pikeun hidep kabéh nu bakal pataréma hanca
* Tatang Sumarsonoi, jurnalis, novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda, panarima Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments