Kolom Sosial Politik

Leuwih Hade Cicing!

0

Ku: Ridhazia

KECAP  bijak “cicing leuwih hade tibatan noroweco” kadang nawarkeun reureuh tina rangsangan sentimen pulitik. Batan ngajelaskeun hiji masalah, nu aya mah bisa nambahan karuksakan kana kaayaan.

Cicing téh lain hartina henteu paduli. Sabalikna, éta nuduhkeun kamatangan dina ngadalikeun diri jeung ngajernihkeun pikiran ngeunaan hiji konflik.

Tunda Komentar

Mun paribasa nyebutkeun “ngomong téh pérak, cicing téh emas”, éta pikeun nunjukkeun yén nilai cicing leuwih luhur tibatan ngomong.

Dina dunya média sosial anu sagalana gancang kiwari, cicing bisa jadi pilihan bijaksana pikeun balik deui kana fokus jeung nyambung jeung pikiran nu leuwih jero, nu bisa muka jalan ka kasadaran nu leuwih luhur.

TKeur Ngaji  Diri

Ulah nyangka jalma anu cicing téh sombong, bisa jadi manehna keur ngaji diri, nimbang-nimbang  dirina sorangan. Éta ceuk Ali bin Abi Thalib.

Hadist ogé ngajelaskeun: “Saha waé nu iman ka Allah jeung poe ahir, kudu nyarita ku kecap nu hadé atawa cicing.”

Hartina, pilih cicing lamun teu bisa nyarita nu hadé. Sabab cicing téh sobat sajati nu moal ngahianat.*

   * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, panoten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *