Kolom Sosial Politik

Kisah Sukses Imigran Muslim di Amerika

0

 

Ku: Ridhazia

ZOHRAN Mamdani téh lain hiji-hijina politisi muslim di Amérika Serikat (AS) anu hasil ngarebut kalungguhan wali kota New York.

Aya deui politisi muslim séjén anu sarua prestisiusna, nyaéta Abdullah Hammoud anu kapilih deui jadi Wali Kota Dearborn, Michigan.

Saméméhna ogé aya politisi muslim Amer Ghaleb anu ngajabat salaku wali kota Hamtramck, Michigan, jeung Bill Bazzi minangka Wali Kota Dearborn Heights.

Numutkeun laporan Al-Jazeera dina Kemis (6/11/2025), aya ogé ngaran politisi wanoja Ghazala Hashmi anu meunang pamilihan wakil gubernur nagara bagian Virginia dina kontestasi taun 2025.

Nu leuwih matak reueus deui, nyaéta Lateefah Simon. Anjeunna jadi wanoja kahiji turunan Paléstina anu diilukeun jadi anggota Kongrés, DPR-nana Amérika Serikat ti nagara bagian California.

Beuki Solid

Dumasar kana proyéksi Pew Research Center, populasi muslim di AS diperkirakeun bakal naék jadi sakitar 2,1% tina total populasi dina taun 2050, ngahontal kurang leuwih 8,1 juta jiwa.

Kalawan kecap séjén, laju pertumbuhan jumlah warga Muslim téh sabenerna teu pati signifikan pikeun dijadikeun alesan utama balik kasuksésan dina kontestasi politik.

Najan kitu, agama Islam jadi salah sahiji agama anu panggancangna ngembang di AS, utamana alatan kawan-kawan ti kulawarga imigran anu nyieun jaringan politik anyar.

Hartina, pertumbuhan populasi ieu sacara alami ningkatkeun jumlah pamilih muslim. Ditambah deui, soliditas umat Muslim di nagara Paman Sam beuki hade.

Organisasi kawas Council on American-Islamic Relations (CAIR) ngalakukeun panalungtikan jeung mobilisasi massa pikeun mastikeun partisipasi sora muslim minangka blok sora penting di sababaraha nagara bagian konci (swing states).

Kematangan politik umat muslim aya patalina jeung kamatangan politik umum, idéntitas kamusliman, jeung kamampuhan calon muslim pikeun ngalanglang bentang politik Amérika anu rumit.

Kabuka jeung liberalna masarakat AS ngamungkinkeun calon ti latar ageman béda meunang simpati. Leuwih ti éta, calon muslim mindeng nekenkeun kana kasamaan ajén-ajén universal.

Fokus kana Gaza

Kasuksésan politisi muslim di Amérika Serikat ogé aya patalina jeung isu domestik sarta rasa teu puas masarakat kana kawijakan luar nagri ngeunaan konflik di Wétan Tengah, utamana di Gaza.

Sikap publik AS kana lampah militér Israél di Gaza anu beuki négatif nambahan nilai leuwih pikeun calon asal muslim.

Sikep warga AS ieu kacatet dina hasil jajak pendapat panganyarna ti The Associated Press–NORC Center for Public Affairs Research (AP-NORC) dina 11–15 Séptémber 2025.

*Hatur nuhun kana diskusi jeung konfirmasi Pasqa Muhammad, Dosen Hubungan Internasional.

* Ridhazia, dosen senor Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.