SundaNews (18-11-2024). Para pamingpin muslim di Amérika Sarikat (AS) nu geus gamblang ngadukung Donald Trump dina pamilihan presiden awal November 2024 kamari, kuciwa kacida tur ngarasa kabekejog sanggeusna Trump sihoreng milih susunan anggota kabinet nu nyata-nyata pro-Israel.
Nurutkeun para ahli, dukungan ti para pamingpin muslim Amerika sangkan Trump meunang sora nu mucekil di wilayah pemilihan di negara bagian Michigan, tgeus ngajadikeun hiji faktor nu baris nangtukeun Trump meunang sora dina pamilihan di nagara bagian nu sejen.
Padahal, saméméhna, para paming jeung masarakat muslim Amerika ngaprotes dukungan pamaréntahan Biden kana perang Israel di Gaza jeung serangan ka Lebanon. Biden dianggap teu becus jeung plintat-plintut, teu boga sikep nu eces tur konsisten dina ngokolakeun mareuman perang di Gaza. Biden kawas nu sieun ku Israel. Buktina sabaraha kali pamenta Biden teu digugu ku PM Isarel Benjamin Netanyahu.
“Trump busa meunang pilpres kusabab andil musim Amerika nu kacida gedena. Tapi geuning Trump malah ngalakukeun nu tojaiah. Tetela malah sabalikna milih menteri luar negeri nu salila ieu jadi bobotoh Israel,” ceuk Rabiul Chowdhury, salah sahiji pangadeg Muslims for Trump, sapertu dikutip tina Reuters, Minggu (17/11/2024).
Trump milih sénator Républik Marco Rubio, anu mangrupa pangrojong satia sarta jelas-jelas antek Israel pikeun posisi menteri luar negeri.
Awal taun ieu, Rubio negeskeun yén manehna moal ngayakeun ngencatan senjata di Gaza. Malah beh dituna Rubio susumbar Israel kudu bisa ngancurkeun Hamas.
Salian ti eta, Trump ogé nyalonkeun Mike Huckabee, urut Gubernur Arkansas, salaku dutabesar AS pikeun Israel. Padahal Huckabee teh tokog konservatif nu salila ieu ngadukung pendudukan Israel di Palestina.
Rexhinaldo Nazarko, diréktur éksekutif American Muslim Engagement and Empowerment Network (AMEEN), netelakeun yén para pamilih muslim miharep sangkan Trump milih para pajabat kabinet nu bisa digawé saregep pikeun katartiban jeung perdamaian dunia. Tapi hanjakal pisan Trump malah ngalakukeun hal-hal nu sabaliknya. Nu tojaiah. “Kuring saparakanca kacida kuciwana,” ceuk Nazarko.
“Sigana pamaréntahan Trump ayeuna bakal pinuh dieusi ku kelompok jalma nu bebeakan ngadukung Israel tur pro-perang,” pokna. Ana kitu mah, Trump geus gagal narekahan mareuman perang jeung rupa-rupa konflik utamana di wewengkon Timur Tengah. Munasabah Trump teu pati ditarima ku Uni Eropah mah.
Nazarko negeskeun yen masarakat muslim Amerika bakal terus ngadesek supaya Trump babalik pikir, ngahargaan jasa para pemilih nu mihak ka amehna, sangkan mungkas perang di Gaza, tur sangkan Isarel narima solusi dua negara nu ditawarkeun ku PBB jeung para pamingpin negara sadunya. (Dikutip tina CNBC Indonesia, ditulis ku Intan Rakhmayanti Dewi)
“
Comments