Nasional

Etika Cumarita Para Pajabat Nagara

0
Para pajabat nagara atawa pajabat publik kudu salawasna ngajaga etika mangsa cumarita jeung rahayat (Foto:SundaNews/Sekretariat Negara)

 

SundaNews (8/12/2024). Dina sababaraha poe kamari, linimasa di média sosial pinuh ku potongan pidato ti Utusan Khusus Présidén pikeun Kerukunan Beragama jeung Pembinaan Sarana Keagamaan, Miftah Maulana Habiburrahman. Netizen merkarakeun guyonan  Gus Miftah ka salah sahiji tukang es teh jeung cai mineral kuliling  anu ngajual daganganana dina acara pengajian.

Saperti diberitakeun ku koran Kompas, dina pidatona, Gus Miftah nyindir pernyataan ti calon bupati anu biasana amis di awal. Manéhna ngibaratkeunana jeung inuman es teh manis anu gulana teu diaduk supaya amisna karasa di ahir. “Sabab, lamun amisna di awal mah geus biasa siga biwirna calon bupati,” ceuk Miftah. Jamaah gé ngajak supaya Gus Mifta meuli kabeh es teh anu dijual ku salah sahiji tukang kuliling dina acara pengajian éta sabab daganganana can beak. Manéhna terus nanya ka tukang es teh éta anu engkéna mah katelah ku ngaran Sunhaji. “Es teh maneh masih loba? Nya, angkat dijual,” ceuk Miftah bari ngaluarkeun kecap kasar.

Potongan pidato éta langsung viral jeung  ngondang kritik ti masarakat. Masarakat ogé ngunggah rupa-rupa karikatur ti tukang es teh salaku bentuk dukungan positif ka Sunhaji. Sababaraha di antarana malah ngadatangan  ka imah Sunhaji pikeun terus méré sadaqah.

Netizen gé  ngadesek  Miftah sangkan  minta maaf ka Sunhaji  kusabab kecap kasar anu geus diucapkeunana. Ngaran “Miftah” malah asup kana rangking kadua trending topic di média sosial X dina poe Rebo (4/12/2024) isuk. Sarupa ogé di Google Trends, kecap “gus miftah” nyekel rangking kadua jeung jumlah pencarian leuwih ti 100 rebu kali dina 24 jam pamungkas.

Naha pernyataan anu dianggap guyonan éta teu lucu? Ceramah James Danandjaja, ahli folklor, judulna “Lelucon sebagai Salah Satu Bentuk Folklor Lisan” di Taman Ismail Marzuki, Jakarta, Désémber 1979, ngungkabkeun, lelucon dibagi jadi dua, nyaéta lelucon atawa joke jeung humor.

“Bédana sasaran lelucon téh nyaéta pribadi atawa kelompok séjén, sedengkeun sasaran humor leuwih ka diri pribadi jeung kelompok sorangan,” kitu ceuk manéhna dicutat dina arsip Kompas, 20 Désémber 1979.

Ku sabab kitu, lelucon atawa joke kacida nyinggung perasaan jalma sabab nyerang pribadi atawa kelompokna. Sabalikna, humor ngajak seuri sabab ngabahas “kelemahan” nu nyarita sorangan.

Di kalangan urang nu boga jabatan publik, Présidén ka-4 RI Abdurrahman Wahid atawa Gus Dur téh salah sahiji tokoh anu sering ngajadikeun dirina conto humor. Hal éta di antarana diungkabkeun ku Heru Gendut Janarto dina artikelna, “Olah Humor ala Gus Dur”, dina buku Gus Dur, Santri Pas Excellence Teladan Sang Guru Bangsa terbitan Penerbit Buku Kompas (2010).

“Gus Dur hayang nunjukeun yen  manehna handap asor ka batur ku cara ngebrehken ‘kalemahan’ jeung ‘kakurangan’ dirina sorangn.  Gus Dur ngalakukeun éta nyaris tampa reservoir. Kusabab anu jadi objek humor teh dirina sorangan, lain batur, atuh jalma-jalma teh malah tambah simpati ka Gus Dur,” tulis Heru dina bukuna.

Didesek sangkan menta maaf

Ngarespon Gus Miftah, Partai Gerindra ngaliwatan akun Instagram @gerindra gé ngajak Gus Miftah sangkan menta maaf ka tukang es nu ngarana Sunhaji  kusabab ucapanana lain wae geus nganyerikan hate Sunhaji, tapi geus nembongkeun sikep angkuh pajabar nagara.

“Dibarung  ku hate clik putih jeung beresih,  kuring menta maaf, menta dihampura alatan kasalahan kuring sorangan. Bawirasa kuring salila ieu remen guyon ka saha jeung iraha wae.  Jeung taya niat nganyeyerikeun hate batur deuih. abdi menta maaf atas kalepasan abdi. KU kituna kuring menta maaf, langsung ka Sunhaji. Mudah-mudahan dibukakeun panto hatena pikeun abdi,” kitu ceuk Miftah.

Dina pernyataanana, pangadeg Pondok Pesantresn Ora Aji di Yogyakarta éta ogé menta maaf ka masarakat ku sabab karusuhan anu ditimbulkeun. Manéhna sadar, sabagian masarakat karasa ngaganggu ku guyonan anu dileupaskeun. Miftah ogé ngaku geus ditegur ku Sekretaris Kabinet Teddy Indra Wijaya.

“Ieu ogé mangrupakeun intropeksi keur abdi supaya leuwih ati-ati nyarita di hareupeun publik jeung masarakat,” ceuk Miftah.

Saenggeus nganyatakeun permintaan maaf ngaliwatan video, Miftah gé ka imah Sunhaji di Magelang, Rebo enjing. Manéhna menta maaf langsung jeung méré klarifikasi ku sabab guyonan anu dileupaskeun waktu ceramah.

Ngajaga etika

Peneliti Utama Badan Riset jeung Inovasi Nasional (BRIN), Firman Noor, nyarioskeun, Miftah geus jadi urang nu boga jabatan publik saenggeus dilantik Présidén Prabowo salaku Utusan Khusus Présidén pikeun Kerukunan Beragama jeung Pembinaan Sarana Keagamaan. Hal éta nyababkeun Miftah geus jadi milik publik, milik sakabeh jalma jeung rupa-rupa strata pendidikan jeung latar tukang ékonomi anu rupa-rupa.

Ku sabab kitu, urang nu boga jabatan publik siga Miftah kudu sadar yén maranéhna teu bisa deui nyarita sakumaha biasa saméméh jadi urang nu boga jabatan publik. Pernyataan anu biasa dileupaskeun di hareupeun entitas, kelompok, atawa ségménna kudu disaluyukeun jeung masarakat umum.

Para urang nu boga jabatan publik anu digaji ti duit rakyat kudu nyaluyukeun etika jeung norma anu lumaku sacara universal sabab unggal pernyataan jeung paripolah disorot ku rakyat Indonésia.

“Keika geus jadi urang nu boga jabatan publik keur sakabeh kalangan maranéhna kudu diajar jeung ngarti yén manéhna teu bisa deui ngan saukur nyarita ku cara-cara anu baheula dipaké dina entitasna, atawa dina kelompokna tapi manéhna kudu diajar,” ceuk Firman.

Firman negeskeun, pikeun sabagian jalma,  boga jabatan publik téh teu gampang. Salian kudu bisa ngajalankeun kawenangan jeung tanggung jawab, maranéhna ogé kudu bisa ngajaga etika salaku pajabat  publik. Sok komo deui apan  sabagean anggota Kabinét Mérah Putih mah can boga pangalaman salaku pajabat publik atawa jadi pajabat nagara.

.Sababaraha di antarana malah dianggap narima jabatan éta kusabab balas budi  mangsa pemil kamariu. Situasi ieu tangtu merlukeun   pendidikan kaiemimpinan supaya para “new comer” éta bisa nyaluyukeun kebiasaan anu kudu dijaga salaku pajabat publik.

Di sagedengan eta, atuh  Présidén Prabowo kuduna ulah sungkan ngingetan para anggota kabinétna sangkan henteu tikosewad ngalakukeun hal-hal nu dipahing ku etika sarta aturan hukum positif di Indonesia. . Etika kudu salawasna diingetan dina rupa-rupa kasempetan siga waktu rapat terbatas atawa dina Sidang Kabinét Paripurna.  Beh dituna, Présidén Prabowo, ceuk Firman, ogé kudu salawasna méré conto teladan ngeunaan ngajaga etika  oikeun oara pajabat  publik atawa pajabat nagara. *

        *Artikel ieu ditulis ku wartawan Kompas Iqbal Basyari jeung Abdullah Fikri Ashri, dicutat jeung ditarjamahkeun satarabasna ka basa Sunda tina Kompas edisi Kemis, 5 Desember 2024. Pon kitu deui, Miftah antukna  mundur tina jabatanana poe  Jumaah pasosore 6 Desember 2024.  

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *