SundaNews (8/1/2025). Kabar gumbira keur pencinta musik Indonesia era taun 80-90an, datang ti band Niagara, band nu cukup kakoncara dina mangsa kajayaan musik pop di lemah cai.
Band Niagara, nu waktu mimiti mecenghul dikokojoan ku Dani Mamesah jeung Ricky Basuki, baris ngarilis singel hit panganyarna. Tangtuna munculna deui band Niagara anu kungsi ngapopulérkeun lagu-lagu hits sapertos “Tali Kasih”, “Bumi Pertiwi”, Janji”, “Selamat Tinggal” sarta “Api Asmara”, bakal jadi ubar pikeun para penggemarna.
Ricky Basuki jeung Dani Mamesah, dua anggota Niagara anu masih aktip, bakal ngarilis single anyar anu judulna “Cinta Abiss”
Rilis lagu “Cinta Abiss” bakal diluncurkeun bareng jeung waktu poe kanyaah sadunya alias Valentine Day dina 14 Pebruari 2025. Singel hits ieu tiasa diaksés dina Youtube Channel kalayan tiasa diakses dina platform digital Bandcamp Rp 15.000,- per lagu, hususna keur fans Niagara, kalayan kualitas sora unggulan hususna keur koleksi pribadi.
Di album New Niagara 2025 ieu, aya personil band anyar, nyaeta Yaya Mando salaku arranger, babaturan baheula Ricky Basuki jeung Deni Mamesah, nu taun 80-90-an loba kalibet dina acara live Niagara. Waktos ieu Yaya mantuan Niagara dina susunan unggal lagu Niagara.
Penggemar band Niagara lain ngan ukur anu ngalaman taun rumaja taun 1980-an sarta 1990-an. Aya oge para milenial anu apal karya band Niagara ngaliwatan média sosial sarta platform digital lianna. (Kin Sanubary, kolektor Imah Media Lawas, nganjrek di Subang, Jawa Barat).
Comments