Carpon: Emha Ubaidillah
18 Désémber
Saminggu deui kuring téh deuk tepung taun. Sabenerna mah biasa nikukur nyebut ngaran sorangan kuring téh, tara biasa kurang kuring, genaheun Tatya wé. Teuing ku nyorolok waktu téh, asa kamari ngaliwatan waktu nu kacida éndahna téh nyéta waktu bolon.
Teu meunang henteu Tatya kudu ngasupan lawang kadéwasaan. Ya Robb, sok sanajan tambahna umur bahan ngaleyurkeun mangsa rumaja Tatya tapi Tatya gedé harepan moal kitu waé ngarumekkan ghirrah islamiyyah nu nyangkaruk dina leu ati. Muga salawasna istikomah dina jalan Mantenna.
19 Désémber
“Assalamu’alaikum, “sora jengér Oka, soré harita. Manéhna téh adi Tatya. Tatya pas nguniang cengkat arék mulang ngantor samangsa beungeut innocent manèhna ngelol. Rada kagét Tatya ogé, bet tara ti sasari ngurunyung ka kantor manéhna téh ari lain aya kaperluan ti saluhureun penting mah.
“Sorry Téh, ‘afwan. Teu nelepon heula. Ti sakola langsung ka dieu. Sibuk teu?”
Tatya gideug spontan bari neuteup beungeut manéhna anu moronyoy nyumiratkeun kabagjaan. Tatya ogé atuda ngarasakeun.
“Pokona maha aya ‘kabar bahagia’.”cenah bari ngopépang kana tas rangselna.
“Oka téh meunang honor deui ladang nulis?”cék Tatya teu sabar. Adi Tatya nu ieu téh sok rajin tulas-tulis kirimkeuneun ka media cetak malah cenah ayeuna mah ningkat kapaké ogé ku media sosial.
Reueus ogé sih. Manéhna kalah nyengir, sok cenah teguh engké diperesénan peremén karét. Tatya têh atuh nyikikik bari ngarongkong nyiwit pipi manéhna nu bahono. Oka nyodorkeun amplop surat warna bulao, ari bangunna mah telegram,
“Tah kabar gembira téh. Sok bacalah, kiriman ti Ibu, Téh.”
Deg, omongan manéhna dumadakan ngeureunkeun keteg jajantung Tatya. Ti Ibu, nyah? Bener kitu? Asa mangmang atuda barina ogé. Rét kana amplop bulao, rét deuih kana beungeut Oka anu beuki marahmay. Surat téh ditampanan keur satuluyna dibuka; Ibu mao pulang nih Dé, papagkeun di Bandara nya. Salam from ibumuh.
Dibaca bulak-balik da mémang kitu unina. Teu sak teu ragu, Ibu rék datang minggu hareup pas pisan dina poéan milangkala Tatya.
20 Désémber, pukul 02.15.
Rét kana jam duduk luhureun méja kamar. Midnight geus liwat dua jam ka tukang. Tapi ieu panon asa aya nu ngaganjel bet teu tunduh-tunduh. Eusi buku anu ti tadi dibaca weléh teu pesék jerona ku lantaran ieu pikiran kumalayang utamana mah anu patali jeung eusi telegram. Tatya jadi huleng jentul jaba insomnia dadakan ieu téh. Duh Ibu, geus lila Tatya nandangan tunggara ngantos-ngantos salira. Sono sareng kangen mah tos sanés caturkeuneun deui malihan mah tos pondok harepan tiasa tepang deui.
Na atuh ujug-ujug asa telegram Salira badé sumping. Tatya teu tiasa nganalisa perasaan Tatya nyalira. Sagala rupina ngalebur ajur ngahiji janten jentulan abstrak. Antawis sono, bagja, kuciwa ogê harepan anu ngaréstan tiasa deui kitu kempel sasarengan. Astaghfirulloh, Ya Robb, naha Tatya boga perasaan hamham ka Ibu sagala? Kalah kumaha ogé anjeunna téh ibu Tatya, mamah Tatya sok sanajan pada ahirna Tatya téh kudu neureuy buleud kukuciwaan.
Sawangan Tatya ngulampreng ka mangsa lawas. Mangsa anu sakuduna dikubur jeung dipohokeun. Mangsa anu kapaksa ku Tatya divones moal bisa deui riung mungpulung jeung Ibu. Mangsa anu ceuk pikiran Tatya mah moal bisa deui dioméan tapi yakin bakal aya gantina anu leuwih mangpaat tina sagala kanyaah nu aya.
Atuda harita téh umur Tatya keur mangkak rumaja sedengkeun Oka karak dua belas taun. Naha Ibu jeung Si Ayah bet mutuskeun pipisahan sagala. Pipisahan anu bener-bener ngajur leburkeun haté jeung perasaan Tatya kadua Oka. Tapi da, kumaha deui atuh.
Sigana mah parahu rumah tangga nu keur diwelahna geus taya pupurieun deui keur dioméan. Anu matak ampir unggal waktu aranjeunna cékcok jeung cékcok wé. Malahan lain ngan saukur cékcok adurényom tapi mamawa parabot dapur haliber keur saterusna ajur paburasét. Tug tepi ka ngagiring aranjeunna ka pangadilan agama sarta diputuskeun resmi murag talak.
Tatya jeung Oka teu béda ti langlayangan anu kapakan. Sok sanajan beurat pisan pisah jeung Oka tapi perwalian Oka aya di Si Ayah sedengkeun Tatya wajibna ngilu ka Ibu. Sabulan ti harita, Si Ayah mah kabéjakeun kawin deui demi ari Ibu masih nyorangan.
Tah ti harita Tatya geus teu ngarasakeun deui kanyaah kolot, Ibu mindeng liliaran kalawan alesan nyiar gawé. Oka gé teu béda ti kuring, unggal nelepon ngan ceurik jeung ceurik wé. Cenah indung téréna beuki dieu téh beuki katara teu nyaahna. Beuki wani sentak sengor sok sanajan di hareupeun Si Ayah.
“Malahan sabanaraha kali, Oka ditampiling.” Kitu ceuk Oka, matak nyérését. Peurih, peurih pisan karasana ku Tatya. Basa Ibu mutuskeun jadi TKW, Tatya ngagidig ka tempat Si Ayah, geusan mapagkeun Oka. Moal hadé diantep waé mah kuriak teuing jadi rorongkong hirup atuh. Tepi ka Tatya meunang gawé samodél kieu, Si Ayah masih hideng ngiriman bekel.
Tatya kuliah nyambi ngantor tug tepi ka ngahontal gelar sarjana. Ngan baé ti harita mah total Tatya jeung Oka leungiteun kanyaah indung bapa. Cenah Si Ayah pindah ka Jakarta sawatara Ibu duka di mana da pegat hubungan atuh. Sugan aya surat sacewir wéh, lapur da atawa sugan aya imfo tina WA, FB atawa IG, sarua lasut.
21 Désémber
“Téh, kumaha mun engké pas ulangtaun Tétéh urang ngayakeun pésta.”cék Oka jigrah. Mémang ti saprak aya telegram téa, manéhna katémbong jigrah waé. Karasa atuda ku Tatya ogé yén manéhna sono pisan ka Ibu, sono tur kangen kana bisa deui samodél baréto, kumpul ngariung, sahanteuna sok sanajan tanpa Si Ayah.
“Ah nanaon maké pésta-pésta sagala. Kagé adé contonyéh dari Rosululloh, Dé. “cék Tatya loyor babatawian.
“Nya atuhlah syukuran wé, teu aya lepatna pan demi mapag Si Ibu.”cék Oka, ogo. Tatya ukur seuri leutik bari mencrong beungeut manéhna nu polos. Katénjo pisan béntang rabeng tina teuteup manéhna. Tatya teu sanggup engkéna nempo manéhna kuciwa turta nalangsa. Tatya unggeuk tandes bareng jeung ngajéréwét bungahna Oka.
“Oka badé masak kasedep Ibu sareng Tétéh, nya.”
“Tiasa kitu, Dé?”
“Ngalédék nya? Oka mah émut kénéh asakan kasedep Ibu. Tak laén dan tak bukan adalah sayur lodéh témpé sareng péyék hurang.”
Tatya mah ukur seuri ngangres bari ngagerentes; Tatya ogé moal hilap atuh Adé. Ngaadékeun sotéh bakat ku nyaah keur mah eukeur teu boga deui adi Tatya téh, nya duka kétang ari ti istri nu ayeuna Si Ayah téh boga budak kitu. Ah sabodo teuing nyasat atuh teu béja teu carita sidikan.
23 Désémber
Poé ieu téh poé pangriweuhna cék Tatya mah, nyakitu deui Si Adé Oka. Matak ngahaja ijin cuti dua poé ti kantor. Ayeuna jeung isukan. Meresihan imah jeung buruan ti isuk jedur malahan ngahaja nyadiakeun kamar heuseus keur Ibu engké. Nénjo Oka bangun taya kacapé bari heureuy tur hahariringan bari luut-léét késang keur kuring mah mupus kahamham kaganti ku ngagugudagna harepan riung mungpulung deui jeung nu jadi indung.
Sakali deui sok sanajan Si Ayah geus di jeroeun catetan teuing jeung teuing, datangna Ibu téh geus leuwih ti sakadar cukup. Poé ieu lelembutan Tatya ngajaul mangprung, nyakitu meureun Oka ogé. Duaan rék ngasaan deui amisna kadeudeuh indung anu geus heubeul ilang. Ibu rék datang pas pisan jeung poéan Tatya tepung taun. Duh teuing ku bagja, Ya Robb.
24 Dèsémber
Sanggeus sapeuting jeput ampir teu bisa saré, isuk-isuk ahirna jebul ogé. Ari sugan, moal panggih jeung isukna da peuting téh bangun nu ngajubleg cicing. Étah kembang eros di buruan dumadakan karembangan mani lalucu, pasti ngilu bagja ka Tatya jeung Si Adé Oka.
Pukul tujuh ngabelesur ka bandara da saur Ibu, papag wé pukul dalapanan. Puguh atuh kekembangan di pataman rasa marangkak dipirig hiliwir angin pawétanan anu kacida ademna. Teuing ku tingtrim ieu rohang ati. Si Adé mah teu sirikna sajajalan nembangkeun nasyid-nasyid karesepna sakapeung héhéotan. Tatya mah seuri leutik wé.
“Téh, sapertos kumaha nya, ayeuna raray Ibu?”
Tatya reuwas ditanya kitu téh. Atuda geus welasan taun papisahan téh. Naha Ibu apaleun kénéh ka Tatya jeung ka Oka? Atawa sabalikna, kumaha engké carana bisa mastikeun yén anu rék dipapag téh nya Si Ibu?Aya rudat kapeurih ngiruhan kaayaan isuk-isuk ieu ngan baé Si Adé ujug-ujug nyorowok,
“Téh, itu kitu anu digelung tuh!”
Kituna téh bari nunjuk ka saurang ibu anu keur ngadédod leumpang sorangan. Geuwat wé pipi kembuna dijembél; piraku Si Ibu geus nini-nini kitu, bari randutdut teu matut digelung dikabaya gombréng. Saparapat jam, satengah jam, opatpuluh lima menit, Tatya jeung Oka palahak-polohok teu puguh atuda lebeng, gambaran Ibu baheula téh lapur turta teu embol-embol tug ahirna katénjo beungeut Si Adé ngariuk spaneng mun dina bohlam mah.
Kuciwa pastina ogé. Tepi ka ahirna mah sajam ngalelengkur, ngurunyung hiji ibu-ibu kalawan gaya masa kinih maké pakéanana ogé full pressed body bari ngagusur koper badag,
“Lisna én Oka, nya?”cenah. Puguh matak reuwas. Tatya papelong-pelong jeung manéhna, nyakitu Oka. Asa hamham kieu atuda. Maenya Ibu kitu ah.
“Eueuh, eueuh Ibu ieu téh?”cék Tatya asa aya nu nyekék. Karérét Si Adé ogé ngadon colohok mata simeuteun.
“Wah wah, anak-anak Mamih geus daréwasa kieu geuningan. Mamih tepi ka pangling pisan, so aslina, bo.”cenah deui bari nyolongkrong ngajak sasalaman. Asa karagok sidikan komo Oka mah ngadadak siga robot kurang batré.
Ibu kitu ieu téh? Anu baréto basajan jeung andalemi malahan teu wawuh jeung anu ngaranna mik ap kandel. Paribasana cadu pisan ngumbar orat da pakéanana sainget mah feminim waé. Beu Ibu, naha bet nganggé kaos ngaleupeut, wedak namblog bari lambey urahak beureum. Éta deuih rambut ogé ngadon ditukungkeun. Ah, Ibu.
“O yes, yeuh Ibu mawa oleh-oléh keur kléan berduah.”cékna deui bari nyodorkeun bungkusan badag. Tatya jeung Oka nampanna ogé teu paruguh rasa, ngabigeu sapisan.
“Eh i’m sorry, nya, Ibu moal bisa lila nepungan Lisna jeung Oka. Ibu keur riweuh ngurus bisnis.”
Tatya jeung Oka silipelong tuluy mencrong ka Ibu. Naha atuh Ibu téh bet jadi deungeun tepi ka aya jarak tur lolongkrang anu teu bisa diliwatan ku duaan. Teu lila, Ibu ngagorowok ogo,
“Pih, sinih!” Cenah. Aya nu ngurunyung, lalaki tangihgul butak ngagigiwing hénpon, pasti anu bieu dicalukan ku Ibu. Tatya jeung Si Adé teu sirikna rénghap ranjug. Manéhna lalaki tengah tuwuh nu dangdananana nécis nyéréngéh ka Tatya jeung Oka. Hiy serem da.
“So ngenalkeun yeuh ka papih baru kléan. Mamih baru ditikah saminggu ka tukang. So Mamih ka dieu téh dina agénda bulan madu. Iyah kan Pih?”cenah cék Ibu nu ayeuna jadi Mamih bari ngaléndotan ka lalaki bedegul gigireunana.
“Say, sepertinyah kitah moal bisa lila di sinih. Bisnis kitah sedang menungguh tangan-tangan kitah lho.”cék anu ku Ibu disebut suamih téh bari surungah-séréngéh pikagilaeun numutkeun panénjo Tatya mah.
“Ibu, moal ngawengi di rorompok kitu?”cék Oka, kadéngé ngeleter kuciwa. Kituna téh basa Ibu amitan bari méré kartu nama. Cenah aya nanaon mah kontak wé Ibu aéh Mamih. Kontan gideug Ibu téh,
“Teu bisa kitu my son. So Mamih banyak urusan. Ok, bye bye duluh nyah. Titidijé di jalan yah.”
Ibu gugupay bari ngaléos ka lawang ka luar dikaléng ku lalaki bulenek anu ti tatadi surungah séréngéh rut-rét utamana ka Tatya. Kawas kalakuan ucing garong nyeueung pindang deles cék Tatya mah kitu téh da.
24 Désémber, 11.30
Sayur lodéh, témpé jeung péyék hurang katut ka pudding jeung baragem asakan ngajalagrag dina méja makan. Bolu buleud anu ditumpangan lilin wangun angka umur Tatya ngajubleg simpé. Saban jelema asana mah miboga final kasabaran séwang-séwangan nyakitu Tatya jeung Oka ogé. Bener-bener kakuciwa anu merejihkeun kapeurih atuda.
“Téh, Oka mah kuciwa pisan.”cék Oka ujug-ujug. Kaciri kolopak panonna pasesedek ku cipanon. Tatya geuwat ngarénghap sakaligus ngarawu leungeun manéhna.
“Sabar Dé, nya. Anu maha gaduh kanyaah mah Alloh. Mantenna teu kinten mikadeudeuhna ka anu sabaran bari istikomah ngambah jalan-Na,” cék Tatya téh najan bari areut at ogé. Naha ibu téh bet robih janten kitu, nya, sora gerenyem Oka kana ceuli Tatya puguh matak nyirisit peurih. Tatya mereketkeun manéh nahan cai panon anu sawer-wereun bedah. Tatya teu hayang Si Adé nempo Tatya ceurik jeung épésan.
“Kieu Dè, ibu ogé jalmi biasa anu meryogikeun kanyaah ti pameget atanapi ti carogé anu tos lami teu karaoskeun ku anjeunna. Urang dungakeun wé mugia énggal kéngéng hidayah uih ka baheula.” Cék Tatya tatag.
Oka unggut-unggutan, paham bangunna mah. Geuwat dirangkul tapi manéhna miheulaan ngarawu leungeun Tatya. Bari rambisak, biwir manéhna ngarenyu imut.
“Wilujeng tepang taun Tétéh. Téh Lisna Kusumawardaniputri.”pokna bari nyelepot kana pipi Tatya. Kontan atuh rasa jeung rohang ati Tatya ngahaneutan deui. “Mugia énggal kéngéng jodoh sarta langsung baé dilamar.” Cenah timpahna deui bari nyeuleukeuteuk rangu. Tatya molotot bari rikat ngajembél pipi Si Adé.
“Énggalan atuh geura tiup lilinna, Tétéh. Urang duaan wé péstana mah,”cék Oka tatag ayeuna mah. Lilin ditiup, pes pareum tapi ghirrah jero haté mah moal kungsi pareum. Atuda cék Tatya ieu mah; umur téh kurnia istiméwa anu sawajibna disyukuran.
Insyaalloh Tatya baris nyanghareupan hirup ku cara seuri, sok sakumaha watekna bengis perengesna ogé. Sing sumpahna gé kahirupan dunya mah pasti bisa diajak kompromi, béda jeung kahirupan langgeng engké. Ku lantaran Tatya yakin yén kanyaah Mantenna baris ngagantikeun sakabéh kanyaah jeung cinta anu kungsi leungit tina untuyan poé-poé Tatya jeung Oka.* Tegalluar, Bandung, Ahir Taun 2024
* Emha Ubaidillah atawa Kang Emha, nganjrek di Sapan Bunut Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Jawa Barat. Jabar. Nulis dina dua basa; Sunda-Indonésia. Boh carpon/cerpen, sajak/puisi, novel, artikel, dakwah, nadoman, kaasup ngailustrasi jeung vignet. Karya-karya paragpag dina medcet oge dina medsos turta aktip dina riungan literasi kumpulan para pangarang sunda Panglawungan 13 (P-13) asuhan Hj. Aam Amilia. Aktip ogé dina ormas Islam jeung kagiatan guru mengaji salaku ketua kordes GM Tegalluar. Lian ti penulis, Kang Emha ogé pelukis, kaligraferis ogé terafis.*
Comments