Ku: Tatang Sumarsono
“Ngahaja kula nepungan, sejana mileuleuyankeun, duméh Étéh arék miang, ka nagri jauh di sabrang. Lain arék senang-senang, sasat rék nyébakeun diri, sabab di nagri sorangan, hésé nyiar pakasaban. Ari éta parabaneun, calawak satilu-tilu, sakitu barongkéakan, bapana teu tanggung jawab. Cacak lamun kula wenang, ku hayang kula ngajaring, najan ukur rerencepan. Muga Étéh gancang mulang, nyanding hirup jeung huripna.”
Si Étéh hookeun pisan, saha ieu istri geulis, dangdosan kabaheulaan, ungkara basana ahéng, asa jiga dina dongéng. Rancunit taya cawadeun, kulitna héjo carulang, dada beuneur cengkir gading. Asana piraku teuing, papada TKW deui, nu meuting di panampungan.
Si Étéh bet jadi rus-ras, kawaas pacampur rémpan. Ari éta istri geulis, sorot socana teu ngénclong, bangun ngemu sedih kingkin.
“Kula hayang jajap ludeung, ka sakumna istri Sunda.Masing panceg tong galideur, najan nyawa ditandonkeun,” pokna dina soca beueus.
“Hatur nuhun nya katampi,” Si Étéh mitutur alon.
“Kula gé baheula miang, tapi henteu kungsi mulang, indit pikeun séba pati, di tegal si awat-awat, di palagan lemah Bubat.”
Ahung …, ahung ….
Ahung …, ahung …. *
Comments