Kolom Sosial Politik

Bobotoh, Pamaen Ka-12 Pangeran Biru

0

Ku: Ridhazia

SAKALI  deui, Persib Bandung jadi jawara BRI Liga 1. Kabagjaan jeung kasenangan nyambut kameunangan dirayakeun ku Bobotoh di Bandung jeung sakurilingna.

Persib Bandung sacara resmi dinobatkeun jadi juara BRI Liga 1 usum 2024/2025. Gelar ieu dipastikeun sanggeus Persik Kediri nahan Persebaya Surabaya 3-3 di Stadion Brawijaya, Kediri, dina Senén (5/5/2025).

Hidup Bobotoh!

Sanajan ukur aya di tribune, ku sora sora, nyanyian, keprok leungeun, jeung ékspresi lianna kawas ngibarkeun bandéra, nyieun spanduk jeung banner nu sarua jeung repetitif, kekompakan Bobotoh kacida gede jasana kana kameunangan Pangeran Biru taun ayeuna. Malah ti taun-taun saméméhna nepi ka meunang opat béntang.

Leuwih ti éta, Bobotoh téh suporter panggedéna di Indonésia, ditaksir aya 22 juta nu satia jeung fanatik kana Persib.

Bobotoh “Pamaén ka-12”

Dina dunya bal internasional, Bobotoh téh dipikawanoh minangka “Pamaén ka-12”. Atribut ieu dipasihkeun lantaran suporter téh jadi jiwa nu ngahirupkeun pertandingan.

Pikeun sakabéh skuad, suporter téh kawas seuneu nu teu weléh hurung. Ayana Bobotoh téh ngangetkeun jeung nyulut sumanget tontonan massal.

Faktor Determinasi

Bobotoh ngeusian rébuan korsi di tribune lain saukur pikeun nyampurnakeun pertandingan. Tapi jadi faktor determinasi dina rivalitas, sangkan tim anu didukung meunangkeun pertandingan.

Determinasi dina kontéks pertandingan bal téh mangrupakeun ékspresi jeung komitmen kolektif nu nangtukeun atawa nyegah sagala halangan jeung kasusah nu dihadapan ku timna.

Persib Terpopuler di Dunya

Leuwih jauhna, Persib Bandung kaasup kana 20 tim pangpopulérna di dunya. Posisi na sarua jeung Barcelona, Real Madrid, jeung Manchester United ti Inggris.

Posisi ieu dumasar kana hasil survei ti Deportez & Finanzas, hiji lembaga aset digital dina industri olah raga dunya.

Persib ogé asup kana tilu tim top Asia, babarengan jeung Kerala Blasters (India) nu boga total interaksi 35 juta pamaké média sosial, jeung Esteghlal FC (Iran) nu boga 21,9 juta pamaké média sosial.*

    * Ridhazia, bobotih Persib, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *