Ku: Ridhazia
INGET keneh kana iklan “geus poho, tuh!”? Tétéla dina kanyataanana, pikeun jadi jalma nu calakan téh bisa dimimitian ku sipat pelupa.
Panalungtikan nu dipedalkeun dina jurnal Neuron (2017) ngajelaskeun yén mopohokeun hiji hal dina kadar nu tangtu téh kaasup séhat.
Malah bisa ngajadikeun hiji jalma leuwih pinter. Sabab, uteuk dirarancang ku Gusti supaya teu neundeun kaleuleuwihan informasi.
Riset ti Blake Richard jeung Paul Frankland ti University of Toronto, Kanada, ogé ngungkabkeun yén jadi pelupa téh sabenerna nganteurkeun ingetan jalma kana informasi nu leuwih akurat jeung kaputusan nu leuwih wijaksana di mangsa nu bakal datang.
Singketna, jadi pelupa lain deui alatan faktor umur sakumaha nu salila ieu disangka.
Tapi leuwih disababkeun ku sabaraha gancangna parobahan lingkungan di sabudeureun urang. Hipotesisna, beuki gancang lingkungan robah, beuki gancang ogé uteuk mopohokeun ingetan baheula.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Varat.




































Comments