Ku: Ridhazia
AKTIVIS KontraS, Andrie Yunus disiram ku cai keras (cai aki) ku jalma nu teu dipikawanoh. Kajadian ieu diduga minangka wangun intimidasi jeung provokasi.
Sababna, aktivis HAM ieu remen nyuarakeun isu reformasi kaamanan jeung remiliterisasi di Indonesia dina mangsa pamaréntahan Présidén Prabowo.
Kajadian sarupa kungsi kaalaman ku panyidik KPK Novel Baswedan dina taun 2017. Waktu harita korban kacida giatna ngabongkar kajahatan sababaraha pejabat jeung politikus anu kalibet korupsi.
Teror Politik
Dua kasus panyiraman cai keras éta lain saukur lampah individu anu spontan. Tapi mangrupa kajahatan anu robah jadi teror politik.
Utamana teror pikeun ngalemahkeun daya kritis para aktivis sacara psikologis, tanpa kudu ngaleungitkeun sakabéh populasi aktivis.
Para palaku teror biasana miboga hubungan kakawasaan jeung aktor politik anu kuat sarta nyumput, nepi ka hésé diidentifikasi.
Hésé Kabongkar
Pikeun ngungkab teror saperti kieu leuwih rumit, malah sok nepi ka buntu. Sabab ngalibetkeun jaringan sél anu papisah, motif kakawasaan atawa politik, dana anu disumputkeun, ogé konflik idéologi para aktor politik.
Teror Politik: Partisipasi Politik
Sacara téoritis, teror politik mangrupa salah sahiji wangun partisipasi politik anu ekstrim nalika jalur partisipasi formal teu aya atawa teu éféktif. Ieu sakumaha pamadegan ahli élmu politik Samuel P. Huntington jeung Joan Nelson dina buku No Easy Choice: Political Participation in Developing Countries.
Dina hal ieu, teror politik lain saukur kajahatan kriminal biasa, tapi mangrupa lampah anu disadari pikeun maksa parobahan kawijakan, némbongkeun rasa teu puas sacara ekstrim, nepi ka usaha ngagulingkeun rézim.
Ku kituna, numpesna teu cukup lamun ngan ngalibetkeun pulisi wungkul! *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments