Kolom Sosial Politik

Iran Vs Israel: Saha Nu Bakal Meunang?

0

Ku: Ridhazia

PERANG  lain mangrupa solusi, tapi bukti yén diplomasi geus gagal. Jeung, rasa kamanusaan ogé ngilu ngajurahroh teu walakaya.

Kitu ogé dina konflik antara Israel jeung Iran. Ti saprak aya gencatan senjata nu diwanohkeun ku Amerika ti tanggal 23 Juni, 2025 boh Israel boh Iran sarua ngaku-ngaku jadi pihak nu meunang.

Tapi, dua nagara nu salila dua minggu “silih kirim” rudal balistik ieu disangka ngalaman karugian anu kacida gedéna. Malah loba nu paéh jeung matina henteu boga harti.

Klaim kameunangan simbolis tina perlawanan heroik dua nagara éta bisa ngangkat posisi tawar politikna di wewengkon Timur Tengah.

Iran meunang simpati ti nagara-nagara nu pendudukna mayoritas Muslim. Sedengkeun Israel meunang kauntungan sabab miboga sekutu satia, nyaéta Amérika Sarikat.

Karugian Pikeun Dunya

Perang antara Iran jeung Israel lain saukur urusan dua nagara. Unggal misil nu ditembakkeun bisa ngageunjleungkeun nagara séjén. Oge ngabalukarkeun pasar global jadi keruh. Malah leuwih jauh, bisa nyeret nagara-nagara séjén kana dilema géopolitik nu henteu disangka-sangka.

Amérika nyanghareupan kaayaan hese: hayang membéla sekutu tapi di sisi séjén kudu nyingkahan perang régional anu leuwih lega. Sedengkeun Rusia jeung Tiongkok mah ngintip kasempetan.

Nagara-nagara Arab nu moderat ogé ngarasa waswas. Lamun ngadukung Iran, hartina bisa ngancem kaayaan ékonomi. Tapi lamun membéla Israel, hartina ngianat ka sajarah.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *