Ku: Ridhazia
PRESIDEN RI ka-7 Joko Widodo diberitakeun masih kénéh ngalaman panyakit kulit dina poé kalahiranana nu ka-64 taun dina Saptu (21/6/2025).
Panyakit kulit nu dialaman ku Jokowi ieu dikaitkeun jeung hiji panyakit nu ngaranna Sindrom Stevens-Johnson.
Naon éta téh?
Sindrom Stevens-Johnson (SJS) mangrupa réaksi alergi. Jalma nu kakeunaan bakal ngalaman ruam jeung kulit nu melepuh.
Sindrom Stevens-Johnson (SJS) ieu munggaran dipedar dina taun 1922 ku dua dokter asal Amérika Sarikat, nya éta A.M. Stevens jeung F.C. Johnson.
Hipersensitivitas
Penderita sindrom ieu biasana alatan réaksi hipersensitivitas awak kana sabagéan ubar tangtu. Contona, ubar pikeun nyeri jeung antibiotik.
Sedengkeun dina barudak, sindrom ieu leuwih sering dipicu ku inféksi virus.
Tapi dina sababaraha kasus nu jarang, kaayaan ieu ogé bisa disababkeun ku inféksi baktéri.
Diagnosis Dokter
Dina sawala santai jeung dokter Laras Aditha Dewi ngeunaan bérita sindrom Johnson, manehna netelakeun yén naon baé nu patali jeung panyakit nu karandapan ku hiji jalma kudu dibuktikeun ku diagnosis.
Anjeunna ngajelaskeun yén diagnosis dokter téh mangrupa prosés pikeun nangtukeun jeung ngaidentipikasi sipat hiji panyakit atawa kaayaan médis.
Diagnosis téh teu saderhana lamun hayang akurat. Sabab kudu dumasar kana analisis gejala, hasil pamariksaan fisik, jeung informasi nu dicangking tina tés-tés médis.
Sakabehna éta dipigawé pikeun ngarti sabab keluhan atawa gejala nu karandapan ku pasién, sangkan dokter bisa nyusun rencana perawatan nu pas, kaasup pangobatan jeung manajemén kaayaan pasién.
Gejala Umum
Gejala umum tina Sindrom Stevens-Johnson biasana sarupa jeung gejala flu: panas nyebret, batuk, nyeri engkéng, jeung nyeri sirah.
Saterusna, bakal mucunghul gejala tambahan saperti kulit nu melepuh nepi ka ngaleupas. Tangtu waé dituturkeun ku rasa nyeri kacida nu matak nyiksa.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments